Kuda Re
nggong merupakeun salah sahiji seni pintonan rakyat nu asalna asli ti Sumedang. Kata “renggong” dinaseni ieu mangrupa metatesis tina kata ronggeng nyaeta kamonesan cara lengkah kuda nu meunang ngalatih keur nari dina pirigan musik kendang. Kuda ditumpakan ku budak sunat nu diarak.
Nurutkeun sajarahna Kuda Renggong muncul awalna ti desa Cikurubuk, Kecamatan Buah Dua. Terus nyebar ka unggal kacamatan kalawan dipikaresep ku warga Sumedang tug nepi ka ayeuna jadi budaya lamun seug nyunatan budak.
Salaku seni pintonan rakyat, kuda renggong ngarupakeun seni helaran atawa pawai tina kuda nu dirarangkenan ku pakean khusus. asesoris kuda jeung kalengkepan musik pangiring, para juru tari, jeung sajabana. Dina sapopoe perlengkapan musik pengiring, para penari, dll. Kuda renggong geus jadi seni tradisional Sumedang nu manggung boh di tingkat nasional malah Internasional.
Makna simbolis dumasar sababaraha katerangan nyebutkeun makna spiritual nembongkeun sumanget nu muncul ngarupakeun rangkaian upacara inisiasi ti saurang lalalki nu disunat. Kakuatan kuda renggong dipintonkeun ngabekas dina ati sanubari budak sunat tur pakean nu dipake budak sunat model pakean gatot kaca ngarupakeun perlambang figur pahlawan anu gagah. Makna interaksi antar mahluk ciptaan Pangeran : aya kesadaan para pelatih Kuda Renggong dina mintonkeun kamampuan atraksi kuda, teu saukur sawates binatang piaraan tapi oge diposisikeun salaku mahluk pangeran nu diogo, dipiara, tur dibere pakean jeung sajabana. Makna teatrikal: atraksi Kuda Renggong nu bisa silat, tari jeung sajabana ngarupakeun sajian langka kusabab teu kabeh kuda bisa kitu. Makna universal: tisaprak zaman manusia wanoh jeung sato kuda, geus jadi bagian tina hirup manusa di unggal bangsa nempatkeun kusa simbol kakuatan, kajantanan, kapahlawanan jeung nu ngabogaan wibawa gede.










