Sumedang

SMKN 1 Sumedang Miéling Poé Basa Indung Sadunya

SMKN 1 Sumedang Miéling Poé Basa Indung Sadunya

SUMEDANG.ONLINE, SMKN 1 SUMEDANG (21/2/2020) – Dina raraga miéling poé basa Indung sadunya, SMK Negeri 1 Sumedang ngayakeun acara anu ngangkat téma “Yu Ah, Urang Biasakeun Ngagunakeun Bahasa Sunda Sapopoé” di Kampus SMKN 1 Sumedang, poé Jumaah, 21 Pebruari 2020.

Nurutkeun Pupuhu SMKN 1 Sumedang, Elis Herawati, alatan éta manéh na nétélakeun siswa jeung guru kudu maraké raksukan anu aya patula patali jeung Kasundaan. Salian ti éta diwajibkeun pikeun ngagunakeun Basa Sunda.

“Aya paripaos di Basa Sunda, basa téh cicirén bangsa. Aya basana nya baris langgeng bangsana. Tah kumargi kitu, Simkuring salaku pupuhu sakola umajak ka murangkalih, ka guru-guru supaya tiasa ngamumulé budaya urang, bahasa urang. Rék kusaha deui bahasa jeung budaya Sunda dimumulé lain ku urang Sunda,” jéntréna.

Salahsahiji acara anu dipintonkeun pikeun miéling poé basa Sunda diantarana waé aya biantara basa Sunda antara guru, wakil kepala sekolah, kepala program, TU ka asup barudak sakolana. Salian ti éta aya ogé lomba puisi sareng pantun.

“Mudah-mudahan ku ayana ieu dina manah aranjeunna langkung mikanyaah, langkung mikawanoh ka budaya sareng Basa Sunda,” pokna nandeskeun. *IWAN RAHMAT*

⚠️ Pemberitahuan: Isi komentar merupakan tanggung jawab penuh pemberi tanggapan. Redaksi Sumedang Online tidak bertanggung jawab atas isi atau dampak yang ditimbulkan dari komentar yang dikirimkan.

Tinggalkan Tanggapan

Ingin menerima update terbaru dari SUMEDANGONLINE Terima Tidak